COMMERCIAL

SUSUNAN UPACARA ADAT SUNDA “SUNDA GALUH PAKUAN”

               SUSUNAN UPACARA ADAT “SUNDA GALUH PAKUAN”




1.      PROLOG

2.      GENDING BUBUKA

3.      RAJAH

4.      LENGSER MAKALANGAN (ASUP)

5.      GENDING RUMIANG (Pun Sampun)

6.      PAYUNG

7.      TARI

8.      PANGALUNGAN

9.      KAWIH “BRAY SIANG”

10.  PANUTUP

11.   KAKAWIHAN

 

 

 

I.         PROLOG

Bissmilah....Sallam....nutur catur ti kapungkur, mapay carita anu baheula kaungsi mangsa kiwari kedal maksad kasadayana, anu kiwariparantos  cunduk waktuna ninggang wangsana, kiwari wanci ngabukti saur paripaos ulah janten cucuk ngagantung ngaregang bubuay, minah rasa munah basa.

Para tatamu parantos sarumping ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang jauh dijugjug anggang diteang, unggah kana paribasa, nete akar ngeumbing jangkar poek-poek sumeleket, hujan gede papayungan nyaosan pamundut pun anak.

Gending karesmen Upacara adat Mapag Panganten ti SUNDA GALUH PAKUAN, seja dikawitan !!!



 

II.      GENDING BUBUKA

Gending    : Bendrong

Rumpaka  :

 

Patapan mulang sarakan pameuseuhan seweu siwi

Caneom banyu sarebu dina mangsa katempuring akmaning sukma ngahiji

Gapura konci panglawung ngaraga ngajadi hiji

ngajaul mumpung ngahiang

Ngahiang tinggal wangkingan

Waktu peuting sepi jempling basa bulan ngagupayan

Dipanto wiyati ngalong

Pucuk awi ting arulang, nyeah lir lagu rumiang

Mapay darajat lumungsur, ngagelar kari sukmana

III.  RAJAH LENGSER :

Amit sun kanu maha agung neda widi ka ilahi

Pangraksa sadaya alam, anu sifat rohman rohim

Walatra teu pilih bulu sadaya tunggal makhlukna

Dituturkeun ku alhamdu, pinuji tur maha luhur

Panglesu rurumbun nafsu, nu sumuruh dina kolbu, nu sumereh dina hate

Pasolengkrah dina manah, resep jail iri dengki

Musnah !....musnah !...musnah.....!!! musnah...!

Turut kana dawuh rosul, taat ka......sabda pangeran

Dipungkas kalimah kalih, syahadat dua lir sumpah

Janji moal lanca linci, udar tina tali gadang............

Syahadat: ....Bismillahirahanirrahim...asyhadualailahaillah......

Rumpaka :

 Reup angin reureuh heula, kula nepikeun bewara, reg mega kandeg heula

Di dieu rek upacara, rek mapag raja pinutra, terah teureuh ti Pasundan

 

IV. LENGSER MAKALANGAN (Lengser Mijah)

Gending    : Gambir sawit, terusan kana catrik sawilet jeung dangdut (conto:    

                  Mapay Jalan satapak, Tanjung Baru, Langkung Sataun Abdi  

                  ngantosan, Goyang Karawang)

Notasi       : 5-3-5-4 (Gambir Sawit)

 

Rumpaka :

Nayaga anu nyarengan, sadaya haturkeun lagu

Nyanggakeun hatur lumayan, kasadayana kaum dangu

Pamirig gamelan kawih, nu paheut nyorana tarik

Sadaya ulah sok lali, matak hilap kana diri

Kumaha mayungannana, sangkan ulah kahujanan

Kumaha nulunganna, sangkan ulah kaedanan

Kikinciran, kikinciran singhoreng obat dibeuleum

Dipikiran,Dipikiran singhoreng  obat kaedanan

 

V. GENDING RUMIANG

Notasi : 1-2-3-4

Pun sapun ua hapunten manawi tatamu saha

Rumaos ua leleda, sakedap antosan heula

Ua mundut ka salira

Seja ngembar bewara ka sakumna balarea

Pun sapun ua hapunten    

Kula !!! Ngembarkeun nu sumping

Tuh, atra ngaleut ngalabring

Ger gending gera ramekeun, bral miang gera papagkeun

Bur payung gera bukakeun, bur payung gera bukakeun

Diapapag ku pager ayu

 

VI. PAYUNG ASUP

Gending : Sireum beureum

Notasi    :

 

VII. TARI ASUP

      Gending : Gonying

      Notasi    :

IIX. PANGALUNGAN

Gending  : Rumiang

Notasi     : 1-2-3-4 antare

Rumpaka :  

Kembang tawis pangbagea, malati kawening ati, bodas nyacas, warna bengras, yap hiyap, bagea rampes (goong 3x) / Kangkalung kembang malati, pameungkeut pamatri ati,nyambuang wawangi asri, janggelek kedaling asih. (Geder)

 

IX. PANGWILUJENG :

Lagu : Bray Siang

Gending : Jipang lontang

Pangkat : 3-2-1/-5-2-1-5-4-(5)

Notasi   : 1-3-1-(5)

Goong  : 5

Rumpaka lagu :

Bray Siang,nu sumping manjing pasini, bray siang nu datang masih waluya, bray siang panganten  bagja harepan, bray siang panganten bagja duaan, mega bodas awas nyacas, beuki lila beuki bengras. Langit lenglang narawangan taya halangan harungan. Gening....nu pangantenan 2x

X. PANUTUP

         Gending : Jiro

         Notasi    : 2-1-5-3-4-(2)

         Goong   : 2

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

KAKAWIHAN

 

A.      Gending :  Catrik

      Pangkat  : 3-2-1/-5-2-1-5-4-(5)

      Notasi     : 1-2 -1- (5)

      Goong    : 5

    Judul Lagu :

                 1.  Cipayung (Asa tos tepang)

                 2. Naon lepatna

                 3. Lamunan

                 4.

                 5.

                 6.

 

B.       Gending  : Kulu Kulu

      Pangkat  : 3-2-1/-2-4-3-1-(2)

      Notasi    : 1-5-1-(2)

       Goong   : 2

    Judul Lagu :

1.    Wangsit Siliwangi

2.    Maribaya

3.    Tilam sono

4.                    

 

C.      Gending : SINYUR

   Pangkat    : 3-2-1/-4-1-4-5-(4)

Notasi      : 1-(3)-1-(4)

Goong      : 3 Jeung 4

Judul Lagu :

1.    Karembong kayas

2.    Daun hiris

3.                    

4.                    

D.      Laras Gending : MADENDA

      Judul Lagu      : Dago pakar

      Pangkat           : 3-2-1/-5-2-1-5-4-(5)

      Notasi             : 1-3-1-(2) /1-3-1-(5)

       Goong            : 2 jeung 5

Judul Lagu      :

1.    Tonggeret & Dua Saati

                 Pangkat : 3-2-1/-3-5-4-3-2-(3)

                 Notasi   : 1-5-1-(2) / 1-5-1- (3)

                 Goong   : 2 jeung 3

2.    Saiuh Payung

                 Pangkat : Sarua jeung tonggeret

                 Notasi   : 1-5-1-(2) / 1-5-1- (3)

                 Goong   : 2 jeung 3

3.    Indung

                 Pangkat : 3-2-1/-3-5-4-3-2-(3)

                 Notasi   : 1-5-1-(2) / 1-5-1- (3)

                 Goong   : 2 jeung 3

4.    Bentang Priangan

                 Pangkat : 3-2-1/-5-2-1-5-4- (5)

                 Notasi  : 1-2-1-(5)

                 Goong  : 5

5.    Nostalgia Cinta

                 Pangkat : 3-2-1/-5-2-1-5-4- (5)

                 Notasi   : 1-3-1-5/1-3-1-5/

                                1-2-1-(5)/1-2-1-(3)

                Goong   :  5 jeung 3

          

E.            LARAS GENDING : Pelog

Judul lagu : Cinta

Pangkat     : 3-2-1-/5-2-1-5-4-(5)

Notasi       : 1-2-1-(4)-2-1-(5)

Goong       : 5 jeung 4

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

SUSUNAN UPACARA ADAT TRADISI

 

1.      BUBUKA

2.      SAMPAK

3.      Goong 3 X

4.      Geder (Rumpaka : Patapan)

5.      Geder (RAJAH)

6.      Geder (Reup, angin...)

7.      Lengser Mijah (Gambir Sawit)

8.      Catrik sawilet- Dangdut

9.      Rumiang (Rumpaka : Pun Sampun.....)

10.   Sireum Beureum (Payung)

11.  Gonying (Tari)

12.   Pangalungan

13.   Pangwilujeng (Bray Siang,....)

14.   Panutup (Jiro)

15.   Kakawihan

 

 

 

Seni budaya Sunda tuturunan, warisan ti buyut, ti aki, ti nini, mibanda ajen nu linuhung, bakal terus jaya mun anak incu turunanana sabeungkeutan, mibanda rasa rumasa yen getihna turunan Pasundan nu boga tanggung jawab pikeun ngamumule jeung ngamajukeun.

Kitu deui budaya Sunda bakal leungit, mun teureuh sundana geus teu boga rasa rumasa tanggung jawab pikeun neruskeun. Jiwana geus paaing-aing, kitu deui boga pamikiran ngamumule budaya Sunda teh  geus lain utama (teu penting). Wilujeng bae, mun isuk jaga ning geto budaya Sunda tinggal ngarana, ngan ukur langgeng dina catetan sajarah. (Gun Gun Nugraha)

 

 Cisewu, 26 Juli 2020

 


Posting Komentar

0 Komentar