COMMERCIAL

SEJARAH BALONG SIRAH JEUNG CISEWU


Nyukcruk Galur Karuhun
Mapay Laratan Baheula

Ku: Gun Gun Nugraha




Foto : Balong Sirah Cisewu



I
Ieu carita Balong Sirah jeung sajarah Cisewu teh dumasar pamanggih Ki Batara, 09 Maret 2017. Kudu dibuka ti dua alam, lahir jeung Batin. Dina kasang tukang ieu tempat moal leupas tina ngaran-ngaran sababaraha urang tokoh baheula nu pernah nyieun lalakon tur jadi karuhunna sabagean warga Cisewu. Diantarana eta tokoh teh nyaeta : Mbah Depet, Mbah Pandak, Mbah Jangkung, Eyang Genjreng, Eyang Lego, jeung Eyang Patinggi.
            Eyang Jangkung nu katelah Eyang Layak Rama masih aya kaitan dulur jeung Eyang Genjreng, aranjeuna ngarupakeun sekeseler ti Dalem Sawidak, asalna ti Sukapura, Tasikmalaya . Nu dina carita, kungsi ngadu jajaten jeung Eyang Papak. Eyang Genjreng kasoran ku “pakarang nu bijil ti bumi, turun ti langit”.
            Datangna Eyang Jangkung jeung Eyang Genjreng ti Tasikmalaya ka Cisewu, nurutkeun Ki Batara, beda jalan. Ari Eyang Jangkung daerah kidul (Selatan) Cisewu, Eyang Genjreng mah milih jalan ka kaler.
            Sajaba ti ngaran-ngaran tokoh di luhur, aya deui nu disebut Eyang Surya Kencana. Anjeunna ngarupakeun Dalem Cikundul, Cianjur. Datangna ka Cisewu, bisa jadi milu ngabaladah Balong Sirah. Ceuk ujaring carita, linuhungna elmu Eyang Surya Kencana bisa nerus bumi, ti tutugan Gunung Gedogan (Lebah kantor MAPOLSEK ayeuna), mucunghul di Cikundul, Kabupaten Cianjur.
                                                                               II
            Nyukcruk carita Balong Sirah jeung Cisewu, ceuk Ki Batara, perlu oge ku sisi gaibna. Sabab muka “Cisewu” moal bisa dilesotkeun tina kapercayaan atawa mitos. Aya ngaran-ngaran tokoh gaib nu perlu dikanyahokeun, hapunten bilih disebat namina maksad kanggo muka Cisewu diantarana: Amarah Sibagawan, Raksa Raga, Nalilungsi Imogiri, Hidayatul Islamiah,  Eyang Gentong, jeung Sunigar.
Tangtu aranjeunna gaduh  kakawasaan di wewengkonna sewangan-sewangan, 1) Amara Sibagawan calik di Balong Sirah, datang ka eta tempat kurang leuwih taun 700 SM, 2) Raksa Raga di Datar Dilem, 3) Nalilungsi Imogiri, di Balong Sirah,  4) Hidayatul Islamiah, di Balong Sirah, 5) Eyang Gentong di punclut Gunung Gedogan, jeung  6) Sunigar, di Pasir Lame.
                                                             III
Salian ti eta, Balong Sirah boga tilu pusaka, nyaeta: Payung, beubeur, jeung teteken (iteuk).  Bisa jadi ieu tilu pusaka teh jadi simbul keur menak jeung rahayat di ieu wewengkon. 1) Payung, nyimbulkeun: saupama jadi pangagung nagara kudu bisa jadi papayung rahayat, jadi panyalindungan. 2) Beubeur, ngandung harti: mun jadi pamingping kudu boga sikep adil, teu cueut kanu hideung teu ponteng kanu koneng, tegesna kudu jadi siger tengah, 3) Teteken, jadi pamingping kudu jadi pamuntangan keur rahayatna.

Tegesna kecap Cisewu: jadi Sarebu pamikiran, ideu, jeung pangaweruh. Sakitu ieu carita, muga bisa ngalengkepan sajarah Cisewu. Supaya turunan apal kana wiwitan. Balik kana purwadaksi, purwa hartina: mimiti, daksi hartina: lekasan. Cag

Posting Komentar

3 Komentar

  1. simkuring Pituin Garut, pami ninggal silsilah eta, simkuring masih aya teureuh lungsuran ti Mama Eyang Genjreng.

    BalasHapus
  2. Simkuring pituin Asli Garut, Pami ninggal kana eta Sajarah, Alhamdulillah simkuring masih aya Teureuh ti Mama Eyang Genjreng.

    BalasHapus