COMMERCIAL

Mieling Pupusna Maestro Debus Cisewu (Episode: Carita Merjoangkeun Seni Tradisi)


Mieling Pupusna Maestro Debus Cisewu
(Episode: Carita Merjoangkeun Seni Tradisi)

Ku: Gun Gun Nugraha



Aki, ngan sakolebat urang bisa dipanggihkeun.
Eta oge jiga nu gaib. Allah ngadorong urang panggih heula,
sok sanajan sakedapan…….

CUKANG lantaranna mah si Brewok (Mang Asid). Disebut si Brewok teh pedah wae bewosan. Ayeuna geus lila teu panggih jeung manehna, biasana mah sok luha-loho ka imah, dumeh bae katalian dulur ti pamajikannana. Ngobrol ngaler ngidul ngeunaan Kasundaan bari mamerkeun jimatna, cenah mah bisa ngubaran sagala rupa panyakit, ngan saratna kudu asup heula anggota,  teuing ah kuring mah teu pati percaya.
Waktu harita di taun 2011, kuring ngayakeun Gelar Budaya nu dibere tema: “Ngajugjug Cisewu Puseur Budaya Pasundan.” Cukang pangrojong Kang Edi Supriadi (Mantan Camat Cisewu, ayeuna mah pindah ka Malangbong) dan KANIT Dik Dik Gunardi (anggota POLSEK Cisewu). Sakabeh kasenian tradisional nu geus ngagoler dihudang-hudangkeun deui, dipintonkeun, ditinggalikeun deui ka masyarakat, diwanohkeun ka para nonoman sok sanajan waragad acara saayana. Tetela seni tradisi di kecamatan Cisewu teh meni euyeub gening, kayaning : Seni reog, calung, lais, sandiwara, debus, degung, jaipongan, jeung sajabana. Sugan we ku ikhtiar kitu, pamarentah kagugah manahna tur kagungan perhatosan dina enggoning ngamumule tur ngamajengkeun kasenian.
Tah dina perkara keur ngeusian acara seni debus, kuring tetelepek ka si Brewok sugan jeung sugan aya seniman debus nu bisa digupay. Nya si Brewok nuduhkeun malahan daek nganteur: Cenah aya gegedug debus baheula di kp. Ciledug, desa Panggalih, kecamatan Cisewu, kabupaten Garut. Ngaranna teh Aki Rahmat “Macan”. Kuring oge aneh mimiti mah, kunaon disebut si Macan. Dina pikiran teh, rupana serem atawa boga elmu pamacan.
Singkat carita kuring datang ka imah Aki Macan dianteur ku si Brewok. Jalanna tarahal ku jalan bales, komo deui ti simpangan jalan desa mah, batuna sagede-sagede hulu orok, ceuk kasarna jiga walungan saat. Block mesin motor pating beledag diadu jeung batu, maklum motor leutik. Kana motor satengah jam ti imah kuring mah.
Tepi ka pipir imahna, kuring rada ngaranjug. Ninggali kaayaan imahna, mirip-mirip imah tatangga kuring: Imah ukuran 3x4 meter, bilik geus rungsag-rangseg, diiuhan inyuk, hareupeun imah aya balong leutik, tampian ngagolontor dibunian samping kebat butut.
“Ieu mang bumina teh?tanya kuring, “Enya jang! Tah aya gening” si Brewok noong tina jandela.
“Assalamu’allaikum….” Si Brewok uluk sallam.
“Wa’alaikumsallam…” sora aki-aki ngawalon bari panto muka lalaunan. “Har, gening maneh Brewok?! Sok, asup!”cenah. Kuring jeung Mang Asid Asup ka jero Imah. Nyampak si Aki keur anekak sila nyanghareupan kopi diwadahan kana bekong awi. Si Ninina aneprok di hareupeun hawu bari ngusapan ucing. Kuring luak-lieuk ninggalian jero imah: Papan palupuh, kamar hiji, rohangan tamu ngahiji jeung dapur, rarupek, ceuk paribasana tuur oge adek kana juru hawu.
“Aya naon maneh teh Brewok? “ tanya aki Macan
Derekdek Mang Asid nepikeun maksud jeung tujuanna.
 “Tah ieu budakna Ki!” nuduhkeun ka kuring. Kuring unggeuk.
“Oh, alus atuh Jang! memang kudu kitu. Rek ku saha deui seni tradisi di pupusti, ari lain ku urang mah. Atoh aki mah, seni urang aya nu ngahudangkeun deui. Sugan wae nanjeur seperti baheula. Aki sayaga ngadukung jeung ancrub salila cageur mah,” pokna Ki Macan.
Geus meunang jawaban kitu mah, kuring jeung Mang Asid mulang.

**
Dina prungna pagelaran, dipungkas ku pintonan Debus. Bener wae Ki Rahmat teh boga elmu pamacan: Panonna bolotot, bari garam-gerem, ruhak panas dicakar tuluy dihuapkeun. Duh, mun kuring mah abong mun letah ngadadak moleksak. Si Aki buligir, celegeneng nangtung, serepet ngalugas bedog. Bedog ngagurilap kacaangan lampu neon. Matak paur. Teu antaparah deui, bedog nu herang teh dikadekeun kana bitisna. Digeselkeun. Teu angeus kitu, letahna diturih. Nu narongtong pating koceak, sawareh nungkup beungeut. Tapi aneh, awak si Aki teu bared-bared acan.
Keur anteng kuring lalajo, bari muringis nahan kapaur. Si Aki ngagupayan ti tengah pakalangan. Babaturan pating lalieuk. Mang Asid nu harita marengan Ki Macan makalangan, ngenyang leungeun kuring tuluy mawa ka pakalangan. Nu lalajo sarurak bari seuseurian. Bari nahan linu jeung aringgis, kuring peureum. Ngararasakeun seuseukeut bedog nu bulak-balik ngageselan kulit beuteung. Gusti, kumaha lamun beuteung kuring dewang?! Ceuk pikir. Tapi tetela, teu raheut-raheut acan. Ajaib, kersaning gusti.
Rengse kagiatan, si Aki dibawa ka imah kuring. Sina ngarereb Karunya kudu leumpang mah, nya poek nya jauh. Sapeupeuting teh, si Aki mah teu sare, uplek wae ngobrol jeung bapa kuring (almarhum Momon Suryaman, mugia Allah ngabagjakeun di akheratna. Di hapunten dosa-dosana, Al-fatihah….). Di tawaran dahar teh gideug, tara pokna teh, ukur cukup dahar endog hayam meunang ngulub  tilu siki. Teu nanaon deui.
Isukna Ki Macan dianterkeun mulang. Tepi ka imahna, kuring teu buru-buru balik, ngadu bako heula bari ngobrol ngaler ngidul. Dina obrolannana: “Aki mah hirup teh ukur 3 (tilu bulan deui, bisi dikersakeun Aki mulang, iteuk jeung kopeah mah sok bae bawa. Dua barang eta teh, batur hirup aki ari lunta kamana-mana, malah kopeah mah pernah dibawa waktu aki guguru ka Banten sagala. Mun aya karerepet mah jaga, sambat bae aki tilu kali, ” cenah. Hate kuring mah kurang percaya, ngan ukur dijawab ku unggeuk bae.

                                                                     **
Dina awal taun 2013, kabupaten Garut ngayakeun mutasi gede-gedean, kitu deui kang Edi Supriadi (Mantan Sekmat Cisewu) teu luput kakeunaan. Kudu pindah ka kacamatan Malangbong. Anjeunna salahsaurang sekmat, keur kuring pribadi mah gede jasana pikeun ngadorong hudangna deui seni-seni tradisi nu geus tilelep.
Saencanna mulang kang Edi amitan heula ka para seniman Cisewu. Tangtu kabeh oge ngarasa beurat, tapi dalah dikumaha. Ari geus tugas tigegeden mah moal bisa dipondah.
Amitan teh ka asup ka aki Rahmat Macan. Dijajapkeun ku kuring nepika imahna. Inget bae, kang Edi nepi enggap-enggapan dina tanyakan. Da sidik jalan ka Imah si Aki mah teu sapanjangna bisa ku motor. Kapaksa kudu leumpang. Motor ditunda gigireun masigit.
“Tah, ieu kang bumina teh!” Kuring nuduhkeun. “Supados akang terang, tah kieu nasib seniman tradisi teh,” gerentes hate ka kang Edi.
…………………………………………………………………………………..
Tiharita teh, pleng bae kuring lila teu panggih jeung Ki Rahmat.
Dina poe kemis, kuring poho tanggalna mah. Kirining aya telepon ti si Ninina: “Punten, seja nguningakeun, Aki parantos pupus dinten Senen….” pokna teh. Kuring ngagebeg, bari kontan nyarita: “Inalillahi wa inaillaihi roji’un,” . Tuluy kuring ngitung waktu. “Ki, tilu bulan….” biwir ngagerenyem lalaunan. Bener bae, ti mimiti  harita si Aki nyarita, rek ninggalkeun alam dunya, nepika waktu maotna teh pas tilu bulan. Allahu Akbar, kaajaiban kitu?





Cikangkung, 06 Juli 2021  


Posting Komentar

0 Komentar