COMMERCIAL

Dongeng Sunda: DAMAR SEWU


DONGENG
________________________________________________________________________

DAMAR SEWU
Ku: Gun Gun Nugraha

Kacaritakeun jaman baheula ngadeg hiji karajaan nu katelah Sukapura. Raja Ä›ta nagara ngarana Embah Swida sarta ngabogaan  40 urang katurunan. Diantara 40 putra-putrana ngalumbara ka sababaraha wewengkon sarta tuluy tetep-tumetep di Ä›ta tempat.
            Salah sahiji anakna nya Ä›ta PangÄ›ran GenjrÄ›ng. Hiji mangsa PangÄ›ran GenjrÄ›ng anjog ka salah sahiji tempat  di belah kiduleun sukapura. Lajeng PangÄ›ran GenjrÄ›ng matuh di Ä›ta tempat anu dingaranan Pamalayan.
Sajalan jeung kajadian Ä›ta kacaritakeun aya saurang SyÄ›h anu keur ngalalana, keur ngajalankeun pancÄ›na nya Ä›ta pikeun ngama’murkeun hiji wewengkon nu teu jauh jeung tempatna PangÄ›ran GenjrÄ›ng.
Hiji mangsa dina waktu rinÄ›h SyÄ›h naceb-nancebkeun iteukna di luhur taneuh nepi ka aya kana sarÄ›bu kali nancebkeunana teh. Aya ku matak anÄ›h,  tina unggal nancebkeun iteukna ngaburial cai anu rÄ›ana sarÄ›bu sirah cai. Ku Ä›ta kajadian ahirna di tempat Ä›ta dingaranan CisÄ›wu anu hartina cai sarÄ›bu.
Dina waktu teu sababaraha lila Syěh patepung jeung Pangěran Genjrěng sarta Pangěran Genjrěng dijadikeun murid kadeudeuhna. Lajeng Pangěran Genjrěng diajarkeun bag-bagan agama ku ěta Syěh.
Senggeus cukup nurunkeun piwejangna, SyÄ›h  niat rÄ›k neruskeun lalampahanana, tapi saacan miang SyÄ›h nitipkeun wewengkon CisÄ›wu ka PangÄ›ran GenjrÄ›ng jeung ka rahayat CisÄ›wu. “ HÄ›y Rai GenjrÄ›ng Kaula nitip ieu sirah cai jeung pusaka, simpen sing hadÄ›, piara enya-enya ku arandika kadÄ› ieu pusaka ulah nepi ka dipakÄ› ku jalma jahat”. Kitu pokna SyÄ›h tÄ›h bari nyÄ›rÄ›nkeun pusaka nu mangrupa sabuk, payung jeung iteuk ka PangÄ›ran GenjrÄ›ng. “ Sim Kuring nampi kana ieu titipan, sarta ngestokeun kana sagala rupi amanat ti salira kanjeng, daria pisan”, ceuk PangÄ›ran GenjrÄ›ng.
Kulantaran mimiti ayana sumber cai, rahayat CisÄ›wu jeung disabudeureunana kahirupanna  mimiti teu susah, subur makmur sugih mukti gemah ripah loh jinawi, rÄ›a ketan rÄ›a keton hirup ngahenang-ngahening ceuk paribasa tÄ›a mah sepi culik towong rampog Ä›stuning meunang kabagjaan nu taya babandinganana. Nu tani sarugih mukti, nu dagang parada senang ceuk cohagna taya kakurangan pangan jeung kabutuhan. Babari nyiar pangan pangupa jiwa.
BÄ›ja beuki nyebar kamamuran rahayat CisÄ›wu ka kocap sumebar ka wewengkon sÄ›jÄ›n. YÄ›n nu nyababkeun rahayat CisÄ›wu makmur tÄ›h alatan aya sirah cai jeung banda pusaka nu mawa pangaruh anu kacida gedÄ›na. Lantaran rÄ›a bÄ›ja tÄ›a, nya tina bÄ›ja Ä›ta ahirna  nepi ka Ratih Ipritandi, salah saurang nini- nini jahat nu ngarasa panasaran hayang ngarebut banda pusaka nu dipiboga ku PangÄ›ran GenjrÄ›ng.
 PoÄ› isukna, Ratih Ipritandi langsung miang ngajugjug wewengkon CisÄ›wu niat rÄ›k ngarebut pusaka nu kawÄ›ntar sakti tÄ›a. Barang jol ka wewengkon CisÄ›wu Ratih Ipritandi nu rÄ›k niat jahat dihalang ku PangÄ›ran GenjrÄ›ng. “ Saha andika makÄ› jol-jol kadieu bari jeung niat jahat” ceuk PangÄ›ran GenjrÄ›ng ka Ratih Ipritandi. “ Kaula rÄ›k ngarebut pusaka dina sirah cai”, ceuk Ratih Ipritandi bari molotot. PangÄ›ran GenjrÄ›ng inget kana amanat SyÄ›h yÄ›n kudu ngajaga  jeung ngariksa wewengkon CisÄ›wu jeung teu meunang masrahkeun pusaka ka jalma jahat. “ Naha andika wani-wani rÄ›k ngarebut pusaka, lamun andika niat rÄ›k ngarebut ieu pusaka kapaksa kaula moal masrahkeun, sabab lamun ieu pusaka dipakÄ› ku andika jalma jahat tinangtu rahayat bakal cilaka”.
Kusabab niatna asa dihalangan Ratih Ipritandi timbul napsuna, tungtungna nangtang gelut ka Pangěran Genjrěng. Geus kitu deeer gelut ngadu jajatěn ngetrukeun elmu, pada ngadu kakuatan. Ahirna Ratih Ipritandi kaděsěh turta ělěh jajatěn nepi ka palastra, ngababatng jadi bugang.
Saenggeus kajadian ěta Pangěran Genjrěng ngarasa inggis sok sieun aya jalma jahat deui nu datang rěk ngarebut pusaka, ceuk pikirna sangkan aman leuwih hadě pusaka kudu diteundeun dina balong sirah atawa siarah cai těa, sarta kudu di jaga ku jin sangkan teu bisa di ganggu ku jalama jahat.
Tina pusaka nu diteundeun dina sirah cai sarebu těa ungggal peuting bijil cahaya nu hurung ngempur,hartina cahaya anu kaluar tina sirah cai aya sarebu saterusna ěta wewengkon dingaranan Damar Sěwu salian ti ngaran Cisěwu těh.
Ti harita rahayat Cisěwu hirup aman, tengtrem kertaraharja nepi ka kiwari.**



Posting Komentar

1 Komentar