COMMERCIAL

KAKAWIHAN DINA KAULINAN BARUDAK LEMBUR


KAKAWIHAN DINA KAULINAN BARUDAK LEMBUR

(Dina prak-prakan ieu kawih insya Allah baris diguar dina seratan nu bade dongkap)

1.      Gung gaya 2x caringin reuntas,
 tikukur diadu semplak gadona,
dipulung ku nyi Bungsu
direbut ku alona terektek gebru…..3-4x

2.      Prang-pring, prang-pring,
sabulu-bulu gading,
ngagadingan suma perang
 ere-ere jambe pare,
kuruwek, sidugel angel-anggelan.
Nini-nini kenclang-kencling,
 heunceutna (punten jorang) dicoco hurang,
 getihna meunang sadulang.
Kimpel-kimpel…..

3.      Paciwit ciwit lutung,
si Lutung pindah katungtung.
Ah, sieun aing

Paciwit ciwit lutung,
si Lutung pindah katungtung.
Ah, sieun aing
(3-4 x)
4.      Eundeuk-eundeukkan sagoni,
 leupas hiji ku nini,
beunang deui ku aki
(3-4 x uihan)
5.      Sasalimpetan mang Salim ngaliwet ketan,
dibawa ka saung wetan,
dicukil uget-ugetan
(4-5 x uihan)

6.      Perepet jengkol jajahean,
 kadempet kontol jejeretean
(3-4 x uihan)

7.      Sep dur, sep dur
mantra-mantri maan jedur,
kahijina, kaduana, katiluna
 kudu di tangngngngkap!

 (Dugika katujuhna…..)


(Saupami aya kawih anu lepat, tiasa wargi sadaya ngiring ngalereskeun……)

Posting Komentar

2 Komentar

  1. Alo Gungun alias agun,.. ku mamang atos dikintun nya silsilah keluargi rerehan ti Eyang Tabri Putra nu ka 13 Abdul Komar ( apa komar ).. anu sanesna segera di kintunkeun deui. semangat lo...

    BalasHapus